Simple Lirik

Simple But Usefuly

Beranda » Lirik Lagu Sunda » TAROSKEUN

TAROSKEUN

Taroskeun ka bulan 
Nu hideng nyaangan peuting
Taroskeun ka bentang
Nu anggang caang baranang

Taroskeun ka angin
Ngausap tatali batin
Taroskeun geura taroskeun
Cinta moal keur sasaha 
iwal manteng ka salira

Galura ombak lautan
Di basisir laut kidul
Ngajuringkang-ngajuringkang la..h
Seahna pasusul-susul

Eta galura na cinta urang
Eta kateguhan asih urang

Hariring asih kinasih
Gumalindeng lapat-lapat
Ngawirahma ngalagena
Ngahudang simpay duriat

Eta dangiangna cinta urang
Eta udagan lalakon urang 
Bagikan Lirik Lagu ke: Facebook Twitter Google+LinkedinDigg
« » Home
Copyright © 2014 Simple Lirik | Design By Kangfikri.com